Selasa, 21 Februari 2012

Miéling Poé Basa Indung Internasional


Urang Sunda Maké, Ngajén, jeung Miara  Basa Sunda

Dina taun 1999, UNESCO mutuskeun sarta netepkeun yén ping 21 Pébruari mangrupa Poé Basa Indung Internasional. Nu jadi kasang tukangna nya éta ayana kajadian tumpurna basa indung di unggal nagara dina unggal taun. Numutkeun UNESCO dina jangka 10 taun geus aya satengahna basa indung di dunya anu tumpur ku sabab geus minimna masarakat nu miboga basa indung éta make basa pituinna. Upama ningali kanyataan saperti kitu, tangtuna urang salaku urang Sunda nu boga basa Sunda jadi kasingsieunnan jeung asa katangtang ku kanyataan sangkan bisa tuluy nanjeurkeun basa indung urang. Ulah nepi ka kaleyek ku jaman anu emang tuluy maju, tapi nasib basa Sunda ulah saperti nasib-nasib basa indung geus talumpur éta.
Bangsa Indonésia mangrupa nagara kapuloan anu ‘bersuku-suku’ tangtuna miboga rupa-rupa basa. Misalna aya basa Batak, Minang, Melayu, Betawi, Sunda, Jawa, Bali, Madura, Karo, jrrd. Basa-basa anu béda éta dihijikeun ku basa nasional nya éta basa Indonésia. Tapi sanajan kitu, ulah nepi ka basa nasional ngagésér basa indung nu aya hususna basa urang, basa Sunda. Ku kituna, salaku urang Sunda geus sakuduna ngaronjatkeun basa jeung budaya Sunda nu aya.
Dina jaman globalisasi, kaayaan hirup henteuna basa indung asa kaancam sabab ayeuna sasarina masarakat téh leuwih resep maké basa deungeun atawa ogé basa nasional. Sedengkeun, kalungguhan basa indung asa geus teu dipaliré deui, sabab teu saeutik masarakat anu mikir yén maké basa indung téh kampungan. Padahal sabalikna urang téh kudu reueus, lur! Tapi tong waka hariwang, ku ayana publikasi jeung gembar-gemborna para aktivis jeung para budayawan ka masarakat ngeunaan basa jeung budaya pituin saeutikna geus nyadarkeun deui masarakat kana pentingna ngajén sarta miara basa jeung budaya nu aya. Masarakat dibéré nyaho yén bangsa deungeun téh ngirut pisan ka basa jeung budaya Indonésia anu rupa-rupa téa. Nepika aya kanyataan yén urang pituin teu bisa maké basa jeung budayana, kalah ka urang deungeun anu euweuh hubungan seutik-eutik acan jeung hal éta pada dialajar nepika nalungtik kaistiméwaan-kaistiméwaan nu aya di satukangeun kaunikan nu aya dina basa jeung budaya. Contona baé, aya urang deungeun anu bisa jaipongan, nyindén, sarta bisa ngomong basa Sunda anu kawilang lemes, sedengkeun urangn nu ngaku urang Sunda teu apal komo bisa dina makéna. Tah meureun hal éta anu saeutikna ngélingan manéh sarta ngahudangkeun masarakat Sunda hususna sangkan miara sarta neuleuman deui basa jeung budaya Sunda.
Ku ayana kanyataan anu pikahariwangeun kana sieun tumpurna basa Sunda sarta budayana, para mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI-Bandung, umajak ka masarakat Sunda umumna jeung ka masarakat nu aya di kota Bandung hususna, sangkan maké deui basa Sunda dina sapopoé ulah nepi ka éra makéna. Para mahasiswa éta ngayakeun hélaran atawa longmarch ka jalan-jalan protocol sarta ngayakeun hiji tetrikal di salah sahiji mall nu aya di kota Bandung nya éta di Bandung Indah Plasa (BIP) anu eusina ningalikeun yén basa jeung budaya Sunda anu geus kaleyek ku jaman globalisasi éta kudu bisa dihudangkeun jeung dihirupkeun deui ku sakabéh urang Sunda. Dina harti, ngahirupkeun basa téh hésé teu bisa ku sosoranganan tapi kudu babarengan. Ahir hélaran éta aya di Gedung Saté anu mangrupa puseur pamaréntahan Jawa Barat. Para mahasisiwa ngingetan ka kepala pamaréntah Gubernur Jawa Barat (Drs. Ahmad Heryawan) sangkan tong ngaleungitkeun pangajaran basa Sunda di Dépok jeung Bekasi sabab hal éta bisa maéhkeun basa Sunda jeung budayana. Salian ngingetan hal éta, para mahasiswa ogé protés kana isu ngaleungitkeun tilu unsur gerak nu aya dina tari Jaipongan nya éta gitek, goyang, jeung geol. Padahal tilu unsur éta mangrupa unsur poko dina tari Jaipongan, lamun unsur éta dileungitkeun meureun tarian téh lain tari Jaipongan deui. Ku ngayakeun kagiatan hélaran dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional éta janten salah sahiji buktos jaung baktos mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI-Bandung ka masarakat Bandung hususna jeung ka urang Sunda umumna.
Demi narékahan sangkan basa Sunda bisa tetep dipiara, pamaréntah Jawa Barat di jaman Danny Setiawan, ngaluarkeun Perda No.5 taun 2003 anu salah sahiji eusina miara jeung ngajaga basa jeung budaya Sunda ku cara ngaberlakukeun pangajaran basa Sunda ti Tingkat SD, SMP, nepi ka SMA sederajat. Tapi anu jadi bangbaluh, naha pamaréntah nu ayeuna kalah ka rék ngaleungitkeun pangajaran basa Sunda di dua wilayah nya éta Depok jeung Bekasi? Sim kuring mung bisa miharep kaputusan éta teu jadi diberlakukeun, sabab kumaha basa jeung budaya Sunda bisa nanjeur di tanah Pasundan lamun pamaréntah jeung masrakatna geus teu ngajénan deui kana basa jeung budayana sorangan? Lamun nanjeur budayana maka nenjeur ogé bangsana!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar